Pedoman Tangerang - Berikut ini teks kultum bahasa sunda ramadan 2023, cocok dipakai referensi sebelum berbuka puasa.
Meski menggunakan Bahasa sunda, kultum berikut ini mudah dipahami karena menggunakan bahasa halus.
Teks Kultum Bahasa Sunda
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabaraktuhu
Bismillahi alhamdulillahi wassalatu wassallamu ala rasullullahu lahawla walaquwatta ilabillahi wa ba’du.
Baca Juga: Fase Maghfirah di Bulan Ramadhan, Bacalah Doa-doa Ini Agar Mendapatkan Ampunan
Teu aya kecap anu langkung megah, anu pantes diucapkeun ku hiji jalmi anu do’ifah, salian ti manjatkeun puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa.
Puji didugikeun ka dzat Allah anu Maha Suci, oge Syukur ka dzat Allah anu Maha Ghofur, nyatana Allah ‘azza wa jalla anu ngagaduhan sifat kasampurnaan jeung bersih tina sifat kakirangan.
اَلْمُتَّصِفُ بِكُلِّ كَمَالٍ وَالْمُنَزَّهُ عَنْ كُلِّ نَقْصٍ
Anu parantos maparin nikmat ka makhlukna anu patut ku urang disyukuran sanes dikufuran.
Sakumaha Allah ngadawuh dina Al-Qur’an:
لَئِنْ شَكَرْتُمْ لأزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ
Shalawat sinareng salam, mudah-mudahan dilimpah curahkeun ka buah manah Siti Aminah penguasa Makkah pembuka syafa’ah, nyatana kengjeng nabi Muhammad saw, sakumaha imam Ibnu Malik nyarioskeun dina baet terakhirna :
فَأَحْمَدُ اللهَ مُصَلِّيًا عَلٰى # مُحَمَّدٍ خَيْرِ النَّبِيِّ أُرْسِلَ
Hadirin rahimakumullah
Dina kitab “Fawa’idulmakiyah” mushonnif Said ‘Alawiy bin Ahmad Asy-Syeghaf, nerangkeun:
لَابُدَّ لِلْعَبْدِ مِنْ أَرْبَعَةِ أَشْيَاءَ : اَلْعِلْمِ وَالْعَمَلِ وَالْإِخْلَاصِ وَالْخَوْفِ
Diwajibkeun ka hiji abid anu hayang salamet dunia akherat, kudu boga 4 perkara:
Baca Juga: Hukum Bacaan Izhar: Pengertian, Huruf, Cara Baca dan Contohnya
1. Ilmu
2. Amal
3. Ikhlas
4. Khauf, nyaeta sieun ku Allah
Coba ku urang tafakkuran, Allah nyiptakeun manusia benten jeung nyiptakeun binatang.
Pami binatang mah teu gaduh akal, sedengkeun ari jalmi mah gaduh jiwa, dipasihan akal anu mana eta akal teh kangge nampi pamahaman sareng ilmu ti gusti Allah.
Maka dina hiji katerangan dijelaskeun:
اَلْإِنْسَانُ حَيَوَانٌ نَاطِقٌ اَيْ مُدْرِكُ الْعِلْمِ
Manusia teh nyaeta “hewan“ anu berfikir, maksudna tiasa mendakan kana ilmu.
Itulah teks Kultum bahasa sunda ramadan 2023 yang cocok dipakai untuk referensi sebelum berbuka puasa.
Untuk mendapatkan informasi ter-uptodate dari Pedoman Tangerang silahkan klik "Google News".***